Cari

Dangding Tujuh Lapis Langit - Emka 9



Dangding tujuh lapis langit Mawa seah cai hikmah Dianteur simpena peuting waruga mapay cahaya Saamparan bumi nyaksi Sumujud tumut ka Gusti

Gunung…..ngajentul rumahung Sagara......seah midangdang Neuteup langit semu nyeri 
Dimana kanjeng ayeuna Bet Meunggaskeun pangharepan
Kudu ka saha tumanya


Laku nyampurnakeun hirup 
Ngagero  mawa harepan Lain keur diri sorangan Waruga tumbal kaheman
Migusti diri ka diri Nu boga kabeh harepan

Gunung…..ngajentul rumahung Sagara......seah midangdang Neuteup langit semu nyeri 
Dimana kanjeng ayeuna Bet Meunggaskeun pangharepan, 
Kudu kasaha tumanya
Alam dunya semu rungkad 
Seuneu nyungkab ngabebela Nafsu gunung pangageuhan Bebeneran jadi pehang Teu kapanggih nu bogana Teuing Kamana inditna
Baca Juga

Sponsor