Cari

Cara Hirup Urang Sunda

[Historiana] - Tina Pandangan Hirup Urang SUNDA. Kintunan : Mang Alip (Tina Dokumen SALAKANAGARA) nu di posting di elmudunyaturakerat.blogspot.co.id



1.Urang Sunda sabage pribadi

((Kudu hade gogog hade tagog))
Urang Sunda diharepkeun sajabaning ngabogaan rupa jeung awak nu tegep, pantes, oge ngabogaan budi jeung sikep nu hade.

((Nyaur kudu diukur nyabda kudu diungga))
Urang Sunda kudu bisa ngandalikeun lisan, ngomong kudu aya maksud jeung tujuan nu bener, cumarita kudu diatur sangkan teu nganyeurikeun batur.

((Sacanggreud pageuh sagolek pangkek))
Urang Sunda mah kudu ngabogaan sikep nu tandes, konsisten, henteu jalir jangji. Pengkuh dina bebeneran

((Ulah lali ka purwadaksina))
Urang Sunda kudu tetep sederhan , teu meunang kaleuleuwihan dina enggoning ngalakonan kahuripan, kudu inget ka asal. Asal jelema mah teu boga nanaon, euwueh nu kudu dipikareueus kabeh ge milik nu maha suci Tuhan YME

2.Hubungan jeung nu nyiptakeunnana

((Mulih ka jati mulang ka asal))
Urang Sunda kudu inget yen jelema mah diciptekeun ku Tuhan YME, oge bakal maot balik deui ka nu bogana

((Dihin pinasti anyar pinanggih))
Urang Sunda kudu percaya sagala rupa kajadian teh kabeh lantaran ijin ti Tuhan YME

((Nimu luang tina burang))
Urang Sunda kudu yakin yen sagala kasusah tangtu aya hikmahna, nu kudu di teang hikmah tina sagala kajadian eta.

3.Hubungan jeung lingkungan social

((Kudu silih asih, silih asah jeung silih asuh))
Urang Sunda kudu hirup rukun silih pikanyaah, silih simbeuh ku kadeudeuh.

((Pondok jodo panjang baraya))
Urang Sunda kudu boga kayakinan sanajan lain jodo tapi babarayaan/ duduluran mah teu meunang pegat

((Ulah ngaliarkeun tales ateul))
Urang Sunda teu meunang nyebarkeun isu/ berita, nu can tangtu benerna komo deui nu teu bener.

((Bengkung ngariung bongkok ngaronyok))
Sanajan susah, kudu tetep babarengan

((Nyuhunkeun bobot pangayun timbang taraju))
Kaadilan nyaeta milik sakabeh jelema, kitu oge urang sunda kudu miharep diperlakukeun adil, oge kudu nagbogaan rasa kadilan ka sasama

((Lain palid ku cikiih, lain datang ku cileuncang))
Urang Sunda mah lamun dating kahiji tempat kudu boga pamaksudan nu puguh, jadi unggal rek indit-inditan kamana wae, rek hadir dimana wae oge tinangtu boga tujuan

((Taraje nanggeuh dulang tinande))
Urang Sunda mah lamun dibere pancen naon wae kudu ngajalankeun kawajiban nu bener.

4.Hubungan jeung lingkungan alam

((Manuk hiber ku jangjangna, jalma hirup ku akalna))
Urang Sunda ngabogaan kayakinan yen tiap-tiap mahluk boga carana sorangan dina kajalankeun kahirupannana

((Jawadah tutung biritna, sacara-carana))
Urang Sunda mah kudu ngahargaan kana kabiasaan batur sanajan beda jeung urang sorangan

5.Kamajuan lahiriah ku jalan taat kana norma-norma

((Ulah pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian))
Urang Sunda teu menang parebut kakawasaan atawa jabatan

((Ulah ngukur baju sasereg awak))
Urang Sunda teu meunang ningali masalah tina kapentingan pribadi

((Ulah nyaliksik ku buuk leutik))
Urang Sunda mah teu meunang meres ka jelema leutik (rahayat)

((Ulah kumeok memeh dipacok))
Urang Sunda mah teu meunang mundur samemeh ihtiar

((Kudu bisa kabula kabale))
Urang Sunda mah kudu bisa hirup dimana wae, wawuh/gaul jeung saha wae (fleksibel)

((Mun teu ngopek moal nyapek, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih))
Urang Sunda mah kudu bisa usaha satekah polah (maksimal) keur nedunan pangabutuh.
Baca Juga

Sponsor