Cari

Pitutur Sunan Ambu


Ieu catetan keur kuring sorangan jeung kulawraga ti Ratu Ibu, Sunan Ambu (Susuhunan Wam Mu). Pitutur pikeun ngajadi hirup kumelendang di alam dunya.

"Ceuk saha, Ibu urang Sunda? jeung ceuk saha Ibu cumarios ku Basa Sunda? lain. Ibu nyarios bisa kaharti ku hidep, lantaran Ibu cumarios dina bahasa Indung ka hidep. Tiap-tiap indung, ngajarkeun welas asih ka anak, bakal kaharti ku anakna"

Kasus I
Ibu kunaon zaman ayeuna jalma asa rariweuh, padahal jalma téh tos dipasihan ageman ti Gusti nu Maha Suci?

"Ageman nu geusan papagon hirup di alam dunya geus loba nu méngpar jauh. Béja ti langit geus loba nu leungit. Mangkahadé hidep kudu bisa millihanana" (Januari 2017)


Kasus II
Melak Bonteng jadi bonteng. Melak cabe, jadi cabe. Panceg pageuh kanu taneuh, akar rumbay nepi ka cai, pucuk ngait kana langit. Lamun geus kitu mah, moal unggut kalinduan, moal gedang ka anginan. (14 April 2017). - Pitutur ngeunaan hirup akur jeung Sunatullah keur kasalametan.

Kasus III
Ibu naon anu disebat Indung Tunggul Rahayu Bapa tangkal darajat teh?

"Hidep geus nyaho hurip jeung kahirupan aya dina ridhona indung jeung bapa. Indung teh aya tilu, nyaeta: kahiji nya pamajikan hidep, kadua nya Indung nu ngalahirkeun hidep jeung nu katilu nya Nini hidep (indungna indung hidep). Tah lamun bisa meunangkeun pidua ti tiluan na, hirup jeung kahuripan hidep bakal rahayu sagalana, nya kabutuhan raga badag, atawa kabutuhan keur hirup jaga ning geto.

Lamun keur pamajikan hidep mah, idungna nyaeta indung nu ngalahirkeunana (mitoha awewe hidep), Ninina jeung saterusna ka luhur.

Ari nu disebut Bapa,, nyaeta Bapa hidep, aki hidep jeung uyut hidep jeung saterusna ka luhur. Ari keur pamajikan hidep, nu disebut bapa teh nyaeta hidep (salaki), bapa hidep (mitoha lalaki) jeung terus ka luhur. Pek geura meunangkeun pidua ti nu jadi Bapa pikeun hirup nanjung, kakomaraan nu disebut naekeun darajat tea." (20 Mei 2017)

================
Sakitu bubuka catur, pangjajap, panyabda teda. Hatur punten bilih kirang, luput tina lelepitna, nu disanggi mung ukur sieur jeung beunyeur, tebih tina saenyaan.Panyampurna tangtuna ti nu ahlina. Seja tampi masing tepi, ka para pupuhu kanca, anu surti, nu sasawa, nu sasiwi, nu saini, nu sasunda, nu saindung, nu sasia:
I n d o n é s i a.

Dina mangsa kiwari, anu kanyataanana teges, hususna keur bangsa urang anu pada-pada ngalalakon kahirupan manusa, sangkan tepung jeung naon anu dipaluruh, nyatana kasajatian diri, kamanusaan, mampu nepikeun kana lalaku jeung lumakuna hirup anu ngama’na, sarta bisa diwujudkeun dina sipat jeung tabéat anu nyata.

Taya bayana saupama ieu guaran urang bedah jeung dipedar dumasar kana tata cara adat budaya pribadi, geusan nanjeurkeun tangtungan diri kasampurnaan. Sangkan pangajegna sajatining diri anu sampurna, pikeun ngawangun tatanan hirup
Baca Juga

Sponsor